Sayembara Raja

Sayembara Tatar Sunda :


"Saha nu wani luncat ka balong nu loba buayana,
hadiahna : HARTA, TAHTA & WANITA" ceuk Raja .....!!

Eta jalma anu sakitu lobana, jep ... jempling
kawas gaang katincak. Euweuh nu ngomong saurang-urang acan.

Teu lilaaa ......, "GEJEBUR" aya anu luncat ....
Jelema nu sakitu lobana teh sarurak ....,

"sahanya jelema anu wanian teh?!
hebatlah, hebring euy ...,
hade pisanlah" ceuk penonton....

Pas jelema eta hanjat kaluhur, ku Raja ditanya :
"hayang naon hadiahna???, HARTA, TAHTA atawa WANITA???...

Sakabeh eta tawaran hadiah di tolak bari AMBEK...!!
Kuraja ditanya deui : "Jadi hayang naon atuh hadiahna....?"

Manehna ngajawab : "Aingmah hayang NYAHO...
saha nu nyuntrungkeun aing ka balong...??!!
Goblok pisan !!!!,
untung we teu MODAR di lebok buaya!!!!


heheeeeheeeee......

0 komentar:

Posting Komentar